BAPA HADNAN ANU TEU PERNAH CAPE DIGAWE

Sainget teh ti keur masih leutik nepi ka ayeuna geus boga anak, Bapa Hadnan teu pernah katempo cape atawa bosan kana digawe. Padahal pagawean eta disebut penting da henteu penting , disebut henteu penting da siga penting. Penting keur ngeusian waktu pangsiuna jeng anu utamana karesep anu henteu bisa ditinggalkeun. Henteu penting, da keur soranganmah panghasilan tina pensiun ge leuwih tina cukup. Naon kitu anu dgaweana teh. Eta boga tempat kareueus anu disebut Bulak Suuk. Tempat etateh ku Bapa Hadnan terus diolah, dipelakan pare, di jieun balong, dipelakan tatangkalan saperti albi, mahoni jeung sajabana. Dibagian kidul aya pasir leutik anu waktu ditinggalkeun tinggal saparoh (taneuhna dipindahkeun ka tempa sejen) Siganateh ayeuna geus rata jeung anu sejena.
Kurajina bapa Hadnan, dina waktu tertentumah sok loba dahareun mangrupa buah, cabe, tomat jeung sayur. Kadang-kadang dijual ka tatangga tapi anu seringnamah dibagikeun kanu merlukeun.
Bapa...bapa...lamun dicaram ku anak-anakna supaya tong cape teuing digawe, jawabana teh sarua " Keun bae da resep.."
Nya ari kitumah.. sok bae teruskeun asal ulah dipaksakeun teuing, sing inget kana umur jeung kasehatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar