BIAYA SAKOLA ANAK

Asa kakara kamari, anak diasuh, digendong, dihuapan jeung sajabana. Ayeuna geus gede tur jangkung. Bangga we nu aya. Atuh kumaha..kayaan hirup anu teu weleh susah, ning bisa ngurus anak nepi ka gede, disakolakeun deui...
Eta ..masalah sakola anu matak miris kana hate..maklum jaman ayeunamah, kasebutna ceuk pemerintah "sakola gratis", tapi buktinamah leuwih mahal ti jaman baheula keur masih sakola.
Anu nyababkeun mahal sakola teh..rupa-rupa, buku pelajaran, biaya les ka guru anu ngayakeun les, sumbangan pembangunan (kitu cenah..?????), jeung sajabana, kaasup jajan anu kudu aya unggal poe.

Ayeuna anak geus tamat SMA jeung keur diusahakeun ngalanjutkeun sakola kanu leuwih luhur (kuliah batur mah nyebutna teh..)
Duh Gusti anu Kawasa...ning beurat rarasaan teh terutamanamah ku mahalna biaya. informasi ti sakola ieu, kudu siap sakieu puluh juta , ti sakola eta..kakara milu tes geus teu kuat naggung biayana (tesna diayakeun di Jakarta), utamanamah biaya tranportasi, mun unggal tes lulus kudu 4 kali bulak balik ka Jakarta.

Salaku Bapa, teu boga pilihan, naon kahayang anak kapaksa diturut, lain ku mampu..pan sieun jadi penyesalan anak dina waktu-waktu kahareup. Kieu meureunnya "Tuh Bapa...bareto hayang sakola di dinya..bapa nyaram, padahal mun sakolamah meuereun geus jadi pejabat.." Tah eta anu dipikasieun teh, jadi pikahanjakaleun anak.
Mung Gusti Allah anu tiasa nyandak kaluar tina masalah ieu..Gusti tlungan abdi..

1 komentar:

  1. Meskipun saya bukan orang sunda, dan gak ngarti bahasa sunda, namuan dari isi postingan ini, saya menangkap suatu pesan yang mendalam dari penulis "Betapa mulianya hati orang tua untuk mendidik dan membesarkan anak, agar kelak menjadi anak yang berguna".
    Terima kasih, telah mengingatkan pengunjung agar selalu ingat dan berbakti pada kedua orang tua.
    Salam kenal

    BalasHapus