CIBERUNG LEMBUR PANINEUNGAN

Geus lila puguh teu balik kalembur, lain ku teu hayang atawa teu inget kalembur ngan hanjakal kaayaan anu henteu ngijinan.
Sok kabayangkeun naon anu pernah dipilampah waktu masih leutik, milu ngangon munding jeung babaturan, nguseup ka cijolang, maen bola di lapangan jejed jeng sajabana.
Kitu deui kainget ka kolot, anu tara cape ngasuh , teu weleh sok jadi bahan karungsing hate. Lain ko nanaon, istilahnamah tong boro bisa nyenengken hate anu jadi kolot, pan hayang papanggih ge susah pisan.
Tapi keun bae, sagala anu kaalaman dina kahirupan manusia, mangrupakeun jalan hirup anu kudu ditempuh ku masing-masing dibarengan ku hate anu ikhlas.

Dina bayanganteh...kaayaan jaman ayeuna, Ciberung pasti jauh bedana dibandingkeun kaayaan dina 20 taun katukang. Ngan hanjakal dina kahirupan modern saperti ayeuna, can pernah manggihan berita ti urang Ciberung anu muncul di dunia maya (internet). Naha urang ciberung geus katinggaleun jaman atawa kabeneran can kapanggih beritana..? Sok atuh promosikeun desa urang kabatur sanagara, atawa kabatur diluar nagara urang. Pan loba aset di Ciberung anu bisa dipublikasikeun : aya Cijolang, aya Curug Ngelai, aya leuwi peucang, leuwi balado jeng loba deui anu sejena. Etateh mangrupakeun kaayaan alam di desa urang, sugan pikeun baturmah mangrupakeun hiji berita anu diperlukan, paling henteu ge keur urang Ciberung anu ngumbara di kampung batur.
Lamu kebeneran aya anu maca tulisan ieu, supaya henteu timbul tanda tanya, abdi teh : Ade Setiadi putra ka opat ti Bapa Hadnan sareng Ibu E. Resmiati di Cisalam Blok Lame Birit Dayeuh ( Bloklambirday). Ngahaja Bloklambirday diabadikeun keur ngaran weblog ieu : BLOGLAMBIRDAY. Khusus keur ngenang kolot jeung dulur-dulur anu aya di Ciberung.
Hapunten bahasana kasar, maklum tos 20 taun langkung ngantunkeun lembur.

1 komentar:

  1. waduh bahasa na susah dibanding english...english ma ngerti dikit-dikit, sunda malah gak tau kamusnya di mana!!!!

    BalasHapus