VIDEO ULANG TAHUN EDIB MUSLIM

Lain hayang disebut mampu atawa hayang katempo kubatur ngayakeun Ulang Taun anak teh. Pan kitu jaman ayeunamah sagala ge sok tuturut munding, teu kaop aya anu ngamimitan terus ditatarurutan. Kitu deui anak, nempo babaturana ulang taun teh hayuh kudu sarua hayang ulang taun. Nya salaku kolot kapaksa kudu ngayakeun sanajan ekonomi teu ngadukung.
Ieu videona waktu anak ulang taun anu ka 9.


VIDEO NAIK MOTOR

Teuing ku ngarasa bungah atawa reueus kuboga motor, dina video ieu anak siga teu bosen naek motor sanajan bari teu leumpang, resep bae katempona. Maklum salila ieu lamun hayang naek motor teh paling kana ojeg kitu oge kakapeungan ari aya perlu anu teu bisa dilampahan ku leumpang.

VIDEO NONTON LOMBA SAMPAN

Dianjangan ku kolot ti lembur (Desa Ciberung) sababaraha taun katukang karasana teh kawas ngimpi. Maklum jarak Ciberung Sambas teh jauhna teu kaukur, katambah kudu meuntas lautan Cina Selatan. Kasebutna kolot ka anak sanajan jauh oge tetep dipilampah.
Salila di Sambas loba kagiatan anu dijalankeun, salah sahijina nonton lomba parahu anu di Sambas sering diayakeun terutamanah keur hiburan sakaligus melestarikab budaya jeung adat Sambas


VIDEO NYIEUN BANGKU KANTIN

Sanajan kondisi can 100% pulih, ku lantaran ari ngupah baturmah kudu siap sakieu ratus rebu. Nya kapaksa bangku anu diperlukeun keur dikantin sakola dipigawe ku sorangan. Kabeneran harita teh keur kadatangan ku Mimih jeung Bapak anu ngahaja ngalongokan anak minantu jeung incu anu aya di Sambas. Asa reugreug gawe bari dilalajoan kukolot anu teuing iraha bisa ka Sambas deui.

VIDEO MANDI

Kabeneran boga imah teh disisi cai (Sungai Sambas) jadi teu kudu langganan cai ledeng atawa hariwang beakeun cai jang kaperluan sapopoena.
Mun datang sore kabeneran cuaca alus, anak jeung babaturana sok ngarumbe bari jeung euweeh kasieun ku jerona cai (anu pang jerona teh aya kana welasan meter)

VIDEO KHATMIL QUR'AN PUPUH AYU KINANTI

Salah sahiji kareueus kokolt kanu jadi anak, mun anak geus Khatam maca Al-Qur'an. Komo di daerah Sambas mah, ari Khataman teh sok dirayakeun kawas acara kawinan. Ngundang tatangga sadesa jeung dulur-dulur supaya bisa nyaksian anu Khataman.

VIDEO BOBORAN SIAM 1431 H/2010

HIRUP NGUMBARA

Geus lila puguh hirup dilembur batur teh, Februari 1986 mimitina nepi kapoe ieu ( 9 Januari 2011). Hartina geus 26 tahun aya di lembur batur teh.
Sabenerna dimana oge hirup teu jadi masalah, anu pentingmah bisa lolondokan (kitu ceuk kolot mah ) Tapi sanajan kitu tetep bae salaku pendatang sok boga rarasaan asa teungteuingeun hirup teh. Lain kunaon pan hayang papanggih jeung kolot ge hese pisan komo deui bari jeung bisa ngamulayakeun kanu jadi kolot.
Loba kajadian anu matak getir kana hate, salah sahiji anu teu weleh jadi pikiran lamun Lebaran datang, sok waas nempo jalma anu mudik, da ari kahayang mah sarua jeung batur, balik kalembur supaya bisa papanggih jeng kolot, papanggih jeng dulur saindung sabapa jeng loba kaperluan laina.
Masih inget waktu bareto masih di Ciberung, maen bola di lapangan jejed, nguseup di Leuwi Peucang (sing teu meunang ge laukna resep bae anu aya, nonoton wayang golek dinu hajatan bari nambul tahu anu loba dijual jeung sajabana.
Ayeuna sakabehna ngan tinggal bayangan anu siganamah moal kaalaman deui.
Sakali deui lain teu hayang, komo ayeunamah barudak geus garede, sarakola deui. Tong boro bisa mawa kaluwarga, mun sorangan oge siganamah tetep ngan kahayang wungkul.
Sambas teh jauh pisan, meuntas lautan Cina Selatan, ditambah deui jalan daratna anu jauhna teu kaitung. Ti Sambas kudu ka Pontianak heula, Sampe di Jakarta diteruskeun ka lembur, etateh merlukeun waktu 3 poe lamun make kapal laut. Bisa leuwih cepat mun make pesawat terbang, ngan hanjakal biayana salangit.
Kitu tah masalah teh. untung jaman ayeunamah aya fasilitas anu gampang, bisa lewat Hand Phone atawa internet, ngan hanjakal kolot di Ciberung can bisa kaakses ku internet. Padahal mun bisamah meureun hubungan teh bisa leuwih lancar. Sayeunaeun mah kakara bisa ngobrol dina HP, mudah-mudahan kahareup bisa kana internet. Mudah-mudahan....Amiiin....

FOTO MIMIH + BAPAK DI CIBERUNG


Gambarna diklik nya supados ageung...

KOLEKSI FOTO DESA CIBERUNG


Di klik gambarna supados janten ageung